Runtuyan acara dina akad nikah adat sunda ( I )






Rengrengan kulawarga calon panganten  istri parantos siap kalayan merenah payuneun rombongan calon panganten pameget, diandeg heula di payuneun bumi.


MC :
Ka rombongan pipanganteneun pameget, pamugi kersa ngantos heula sakedap sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu nu sanes, anu kaleresan teu acan siap.
ka pager ayu sareng pager bagus nu bade mayungan calon panganten pameget mangga dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun calon panganten pameget ka bumi pipanganteneun istri,

Bari ngantosan nu mapah, narasi mc sapertos kieu :


MC :
Itu gening calon panganten geus sumping , enya geuning mana lucu-lucu teuing, nineung teuing, bagja teuing, anaking bagea sumping, enya geuning nu dianti anti sumping nu kasep jimat awaking, baeu banget deudeuh teuing

Dilawang panto, dina panyaweran diandeg deui di papag ku ibuna pipanganteneun istri, dikangkalungan kembang malati,

 
MC :
mangga ka ibuna pipanganteneun istri, pamugi kersa ngangkalungkeun kembang malati, saparantosna dikangkalungan kembang melati , pipanganteneun pameget munjungan ka ibu-ramana pipanganteneun istri, kitu deui ibu ramana pipanganteneun pameget pada pada munjungan kadua pihakannana

 
Narasi MC :
Jemplang karang
Haturan kasep haturan
haturan bagea sumping
ibu kebek ku kasono
ka hidep anu raspati
panyileukan beurang peuting
ibu teu weleh nunuhun
hidep anu jadi harepan
jagong tuhur beunang ngunun
nu kasep bagea sumping
cikur jangkung pamuraan
anaking paranglay teuing
cunduk waktu ninggang mangsa
nitih wanci nu mustari

mangga ka pipanganteneun pameget oge ka ibu ramana dihaturanan calik di tempat anu parantos disayagikeun, bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan tempat, mangga milarian tempat heula supados rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan.

 
Bubuka MC
Bismillahirrohmanirrohim
Alhamdulillahiladzi khalaqa lakum min amfusikum azwaajaa litaskunuu ilaihaa, waja `ala bainakum mawadah warahmah wash shalaatu was salaamub`alaa mal laa nabiyya ba1dah wa 1alaa aalihii washah bihii wamawwaalaah, laa haula walaa quwwata illaa billahi al aliyyil adhim amma ba`du.
Ibu bapa hadirin sadaya utamina para tamu sepuh anom jaler istri rahimakumullah . puji syukur urang sanggakeun ka Gusti anu maha suci anu nangtayungan urang sadaya siang kalayan wengi muga muga rahmat miwah barakahna kasanggakeun ka nabi urang sadaya Nabi Muhammad SAW. ka para sahabatna ka para kulawargana sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna khususna ka sapasang calon panganten .
Atas nami shahibul bait sim kuring nyanggakeun haturan sumping ka para tamu sadaya di sarengan ku kabingah nu taya hinggana , ku kasumpingan ibu bapa sadaya dugi ka rada sesah ngarekana ku basa.
malah mandar teu ngalantur ngawur saur urang kawitan bae acara nu munggaran minangka nyerenkeun pipanganteneun pameget dina acara seren tampi dinten ieu.
ka sesepuh ti rombongan calon panganten pameget mangga nyanggakeun

 
Seserahan

Nyerenkeun calon pipanganteneun pameget
Bismillahirohmanirrohim
Alhamdulillahiladzi arsala rasuulahu lahu bil huda wadinil haq liyudhhirahuu `alladiini kullihii wakafa bilahii syahiidaa asyhadu allaa ilaaha illallahu wahdahuu laa syariikalah wa asyhadu anna muhammadan `abduhu warasuluhuu laa nabiya ba`dah . Allahumma shalli wasallim wabarik `alaa sayyidina muhammad wa `alaa aalihi wa ashhaabihi wa manit taqaa amma ba`du
Diawitan ku basmalah nu jadi sekar pangiring catur sangkan jadi panghias rasa tur jadi santun ing kalbu tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal, dituturkeun ku hamdallah kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu nu sok jadi panghalang jorelatna teja Al Qur`an kana manah, ngahempikkeun tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya,sum`ah jeung takabur nu sok pasolengkrah jeroeun dada, dipirig ku kalimah kalih syahadat dua lir sumpah jangji moal lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila bengkok sembah rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti rasul.
ibu bapa hadirin sadaya sepuh anom jaler istri rahimakumulloh
sabada bubuka nembe mitembeyan pang jajap saur widian sim kuring medar pamaksadan sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan ti....(tempat panganten pameget) kadieu...(tempat panganten istri) saur basa pujangga mah jauh dijugjug anggang di teang  ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut matak reuwas nu kasumpingan sim kuring minangka nangtung sambung laku letah sambung carita ti kulawarga bapa...(ramana panganten pameget), sarimbit anu maksadna taya sanes
- kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi kalebet jalmi linuhung budi anu resep ngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ..mugia bae kasaeannana ieu di bales ku Allah nu rahman rahim
- kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker antawis kulawarga...(ramana panganten pameget) sareng kulawarga (ramana panganten istri) didieu mugia bae beungkeutan silaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget sareng kulawargi calon panganten istri saparakanca ieu tiasa ngajantenkeun pirang pirang kasaeanana
- katiluna, seja nyambung saur kapungkur anu kantos pasini antawis kulawarga....(ramana panganten pameget) sareng kulawarga ....(ramana panganten istri) didieu wireh pun dulur saderek...(panganten pameget) putra lalaki cikalna ti kulawarga bapa (ramana panganten pameget) sarimbit kantos nyimpen carios sareng tuang putra neng...(panganten istri) upami teu aya cegahing Allah nu murbeng alam, kalayan didasaran ku itikad anu clik putih clak herang seja tatahar ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang putra, mun kapungkur lamunan teh ngan ukur angen angen wungkul kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh bebene pamepes hate, kiwari dina dinten ahad ieu aya kahoyong ti saderek...ieu manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh hoyong kapimilik, malah di paparah diangen angen sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas laksanana kapiduriat
- kaopatna wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan yen sah na rumah tangga upami aya kaweningan galih ka ikhlasan manah ti wali calon panganten istri anu mangrupi ijabna di tema ku panganten pameget minangka qabulna ayeuna mangga kasanggakeun pamegetna getihna satetes rambutna salambar ambekanana sadami kabodoannana ka alpaannana sareng katalingeuhannana siangna wengina mangga nyanggakeun sarta pangjajap pidu`ana malah mandar rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan janten wangunan rumah tangga anu sakinah rumah tangga anu mawaddah warahmah , sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur
- kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna margi tebih ti utami tea, kitu ge sanes bade ngaluli luli , nanging rumaos tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul sapulukaneun pangjajap itikad pangjurung maksud ti pun dulur, saderek....(panganten pameget) beas sacanggeum encit sacewir, artos satoros teh sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning saujratna nanging panuhun , ulah ditingal jumlahna margi tangtos matak ngisinkeun pamugi anu kasuhun kersa nampi cacandakan saderek....(panganten pameget) ieu
- kagenepna , hapunten anu kasuhun upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim kuring saparakanca ieu tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining kalepatan sareng kakirangannana,utamina bilih aya saur bahe carek catur nu teu ka ukur carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu di haja estuning tina kakirang sim kuring wungkul.
- Pamungkas sim kuring neneda ka ALLAH SWT mugia anu bade ditikahkeun ieu sing runtut raut, lulus banglus, apanjang apunjung, parek rijkina, adoh balaina, jatnika salamina, dina enggoning laki rabina, deudeul du`a ti awal bae geulis kasep : Barakallahu laka wabaraka alaika wa jam`a baina kuma fii khair ya Allah ya Rabbanaa mugi gusti maparin barakah ka anu bade ditikahkeun ieu sareng mugi gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dana kasaean amiin yaa robbal alaamiin, yaa mujibas saa`iin
wassallamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh

MC :
Hadirin rahimakumullah rupina teu kedah dikomentaran deui, naon naon anu parantos kasaksen sareng kakuping ku urang sadaya nembe bade di bujeng enggalna bae ayeuna ka sesepuh ti pihak pipanganteneun istri, dina waktos ieu nu bade ngawaler sareng nampi pipangantenneun pameget ieu teh diwakilan kunu janten sesepuh ti pihak kulawarga calon panganten istri waktos sareng tempat mangga kahaturkeun.

 
Panampian : nampi calon pipanganteneun pameget
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Alhamdulillahiladzi kullihi wakafa billahi syahidaa, Asyhadu alla ilaahaillallahu wahdahuu laa syarikalah wasyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba`dah, Allahumma shalli wasalim wabarik `alaa sayyidina muhammad wa alaa aalihi wa ash haabihii wa manit taqa, amma ba`du
ibu bapa hadirin sadaya utamina para tamu sepuh anom jaler istri rahimakumullah,
sabada bubuka nembe mitembeyan minangka pangjajap saur , sim kuring minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga....(ramana panganten istri), ramana pituin calon panganten istri neng.....( panganten istri), nyanggakeun haturan sumping disarengan ku laksa keti kabingahan ka para wargi sadaya anu parantos kersa ngadongkapan ka ieu pantempatan, mugia bae kasumpingan para tatamu ieu, tehsing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT. Amiin ya Allah ya robbal alamin. kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget , deuh, balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan , kitu ibaratna eusi dada sim kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe sakitu tegepna degdeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeun pisan kantenan eta anu diajengajeng siang kalayan wengi teh , malah  tos asa beuheung sosongeteun , sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo neng....(calon panganten istri) mah inggis pajar teh sieun kang....( calon panganten pameget) teu cios sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning, yeuh badan abdi buktina kapan sakieu reksakna manis kapan sakieu reksakna dunungan, hate teh awut awutan ku lami puyang payengan dunungan ayeuna mah geuning ku lami puyang payengan ..nanging buktosna mah bet ngembang boled nu dianti teu burung dugi nu ditunggu teu burung cunduk kalayan salamet teu kirang sawios wios, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murba binarungan bingah amarwata suta bingah anu teu aya hinggana.
nyakitu deui cacandakannana, sakitu seueurna sakitu numpukna kirang kumaha deui sok sanaos yaktos teu diantos antos ditampi kalayan kabingahan henteu bade di teundeun di handap handap estu di suhun dina embun embunan mugia bae janten hiji kamangfaatan pikeun barudak nu bakal nyorang kahirupan dunya anyar dina wanda wangunan rumah tangga , sawangsulna mugia ageung sih hapuntenna tina sagala rupi kakirangan dina leresan panampian utamina bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang kirang nya ngahapunten
pamungkas rupina urang sami sami ngadu`a bae ka Allah SWT mugia paneja barudak nu bade jatukrami ieu miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku ALLah SWT baeakalllahu laka wabaraka alaika wa jama`a bainakumaa fii khair amiin ya Allah ya robbal alamin, amiin yaa mujibas saa`iin
wasallamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

MC :
Alhamdulillahirabbil alamin kalayan rahmat nu maha kawasa acara seren tampi dina enjing enjing ieu parantos dilaksanakeun kalayan lancar teu kirang sawios wios, keuna kana paripaos batu turun keusik naek, cep.....(panganten pameget) purun neng......(panganten istri) na oge daek, kanggo langkung euyeubna ieu acara ka sepuhna calon pipanganteneun istri oge iburamana caln panganten pameget, dihaturanan ngadeg kanggo seren tampi masrahkeun cacandakannana, tinu janten calon panganten pameget ka fihak calon panganten istri, simbolis bae rupina, ku ibuna calon pipangantenneun pameget ka ibuna calon panganten istri , atanapi ibu....(ibuna panganten pameget) ka ibu....(ibuna panganten istri), atuh ka juru foto bilih peryogi kanggo dokumentasi mangga dipasihan waktos kanggo motoannana, cacandakan nu sanes tiasa estapet baedihaturkeun ka rengrengan pager bagus atanapi pager ayu, atanapi kadang wargi ti pihak kulawargi calon pipanganteneun istri nu sanesna tiasa ngabantuan kanggo nampi cacandakan ti para tamu ieu disimpen heulaannan dinu merenah supados rada salse
Hadirin rahimakumulloh saterasna acara dilajengkeun kana acara akad nikah, aya harewos ti dua pihak anu bebesanan ieu akad tikah teh hoyong di mesjid bae saurna teh, ku kituna ka para tamu kadang wargi hadirin sadaya urang sasarengan bae ngiringkeun pipanganteneun ieu ka mesjid .......kaleresan teu patos tebih.
mangga ka pager bagus nu bade ngiring ngaping pipanganteneun ieu tisadiawitan baesing rada anca we cep.....(panganten pameget) oge neng....(panganten istri) teu kedah gurung gusuh teuing, bilih geubis.

 
Prosesi akad nikah

akad nikah di masjid

 MC :

Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah
Alhamdulillah ayeuna parantos dugi kana wanci nu mustari calon panganten duanana ,wali,para saksi,sareng bapa naib parantos sami sami hadir, upacara akad nikah bade dibuka, kumaoskeun ayat ayat suci Al Qur`anul karim nu bade kasanggakeun ku kersana ustadz....., sareng satilawatul Qur`ana ,kasanggakeun ku kersana ibu......,kayungyun deui wae nu ngaos Qur`an na carogena saritilawah ku istrina, ka ustadz....sareng....,mangga waktos sareng tempat kahaturkeun

Bubuka ku maca ayat suci Al Qur`annul karim sareng  saritilawah

 MC :

salajengna ditema ku khutbah nikah nu bade kasangakeun bapa K.H.......mangga waktos sareng tempat kahaturkeun

Khutbah nikah
khutbah nikah......

 MC :

Alhamdulillah khutbah nikah parantos didugikeun nembe ,kanggo pibeurang nu bade dirapalan, nanging teu mustahil khutbah nikah nembe teh pikeun panggeuing kanggo urang sadaya nu parantos janten panganten bari. hadirin rahimakumullah Insyaa Allah dina acara puncak dinten ieu, mangrupi akad nikah antawis cep.....(panganten pameget) sareng neng.....(panganten istri) sareng nu janten walina.
Bilih hilap ka sadayana bae panuhun ka ibu bapa sadaya anu sami hadir dinten ieu, upami engke dina ijab qabulna lancar teu kirang sawios wios, panuhun sakali deui panuhun teu kedah di keprokan sagala rupi, urang sami sami duakeun bae ieu panganten teh ku du`a " Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama`a bainakuma fii khair" ka bapa naib mangga nyanggakeun

 
AKAD
Akad  nikah...

 MC :

Alhamdulillah ti danget ieu neng......(panganten istri) sareng cep....( panganten pameget), parantos ngadahup kalayan resmi kasaksen ku balarea mugia sing runtut raut, rukun sabillulungan, sapapait samamanis, rahayu salamet dunya katut akheratna.

 
ngalebetkeun lelepen sareng masangkeun mas kawin
ngalebetkeun lelepen sareng masangkeun mas kawin kana panangan panganten istri

MC :
acara salajengna nyaeta ngalebetkeun lelepen, mangga ka cep....sareng ka neng ....mangga ngadeg papayun payun , neng.....sok lebetkeun lelepen kang....teh, kana jariji tengenna mangga bari maos Bismillahirrohmanirrohim. Pancen neng....parantos rengse, ayeuna kantun cep....ngelebetkeun lelepen neng...., sok mangga kasep lebetkeun lelepen neng.....teh kana jariji panangan tengenna, teu kedah gurung gusuh, kasep , anca wae, lalaunan, sing tarapti, peel, sok dedetkeun , kituh tos lebet mah gampilnya
 Alhamdulillah acara ngalebetkeun lelepen parantos , ayeuna urang lajengkeun kana masangkeun mas kawin, masangkeun pinggel ku panganten pameget, ku cep....ka panganten istri, ka neng.....

 
Sungkeman
Hadirin sadaya, urang teraskeun kana acara sungkem, ka ibu ramana panganten.
Ka ibu ramana panganten dihaturanan ngalih calikna, ibu....(ibu panganten pameget)sareng pa.....(ramana panganten pameget dipalih kiwa, ibu ....(ibuna panganten istri) sareng bapa.....(ramana panganten istri) di palih tengenna.
kahiji, neng....(panganten istri) sungkem ka mamah, neng sok munjungan, oge ka cep....(panganten pameget) sok munjungan ka ibu, kasep geulis kedalkeun minimal atuh dina hate wae.

" Mamah, hapunten abdi, hapunten abdi salami mamah ngarorok abdi tug dugi ka kiwari du`akeun abdi duaan, rek hirup macakal mitembeyan ngojayan kahirupan rumah tangga
Eulis, kasep jimat mamah anaking hidep pupujaning ati, mamah jeung bapa di hampura ku mamah geulis kasep, sanajan ayeuna hidep macakal, kanyaah mamah, kanyaah bapa, moal aya sudana, bral di duakeun ku mamah, lakuna sing jadi lalanang jagat, tandang lir lalaki langit, geura mangkat geura miang, rajahna waras waluya, beunang ngasuh ti lelembut, ngatik ngaping ti leuleutik, prak geura pajangkeun kasep geulis.

Ayeuna gentos neng....(panganten istri), cep (panganten pameget), pek munjungan ka rama sewang sewangan.
" Eulis kasep, jungjunan, hidep duaan kiwari rimbitan, kawajiban keur duaan sing sareundeuk saigel sabobot sapihanean, mugia temen tinemenan, bapa ngajurung laku kahidep duaan, rek nempuh lalakon anyar, neusi hartina rarabi, hirup kumbuh rumah tangga mustari nitih ka wanci."

Ayeuna gentosan, neng....(panganten istri) mujungan ka ibuna kang...(panganten pameget), atuh cep...(panganten pameget) mujungan ka ibuna neng....(panganten istri).
"Du`a ibu ka hidep duaan, hidep masing teguh rukun, salebeting laki rabi ulah unggut kalinduan, gedag kunu lain lain, pria tata wijaksana mun istri titi berbudi, sarigrig kudu jeung harti, sarengkak kudu merenah, kelet bawel bahe carek, tumanan heman ariman, tatakrama ka sasama, tuju laku nu rahayu, siar jalan nu waluya, mangga gentos deui.
ayeuna neng ....(panganten istri) munjungan ka ramana kang....(panganten pameget), atuh cep ....(panganten pameget) munjungan ka ramana neng....( panganten istri).
" Pidu`a ti bapa saeutik, bapa mah tangkal waluya , pangeran anu ngawasa, mantenna anu kagungan. Allah nu rahman jeung rahim, mangka temen teguh iman, mugi gusti nangtayungan ka hidep duaan, salalawasna.

Mangga cekap Alhamdulillah acara sungkeman rengse nembe, ka para tamu miwah hadirin sadaya prosesi akad nikah di masjid....parantos rengse, acara pang wilujeng mah urang teraskeun di bumi bae, ku kituna ka ibu bapa sadaya, ngawakilan pribumi tangtosna og, manawi kawidian ti sadayana kanggo pangwilujeng ka dua panganten ieu diantos di rorompo saurna teh, di jl......bilih bade aya acara sawer, buka pintu sareng huap lingkung.


Sawer, buka pintu sareng huap lingkung

Sawer

 MC :

Hapunten kapara tamu, utamina ibu bapa sadaya,hoyong pakaulan ieu teh, dina acara sawer ieu sok sanaos sora teh teu patos sae, pedah ka neng.....(panganten istri) mah asa ka anak sorangan puguh ge da ti budakna  sareng pun anak nu cikal sapangulinannana, oge ka cep....( panganten pameget0, da puguh ka asuh unggal waktos di rorompok, urang sawer sakalian ka bapa geulis , kasep.

Kidung pelog
Kalayan asma nu agung
anu sifat rohman rohim
anu welas ka makhlukna
amit medarkeun talari
medarkeun tungkusan rasa
parepehna hirup hurip
seja nuturkeun piwuruk
kawiatan ku pribumi
ngagentos ibu ramana
heulakeun panganten istri
anu geulis kembang soca
tekanan beurang jeung peuting
kacaroge masing tumut
miparengan lahir bathin
tumut sugri parentahna
singkiran sugan sukingki
peupeujeuh arek ngabantah
bisi kasibat kabadi
sing jauh tina salingkuh
malar jadi repeh rapih
ka sanak kadang sing jembar
mi asih ka kulawargi
bakti hormat jeung tilawat
ulah kendat masing meujit

Kidung salendro
kang uga cunduk waktu
katitih katarik tulis
hidep dikawasa murba
nangtayungan beurang peuting
wajib mingpin ngasug garwa
mikadeudeuh  ngaping ngaping
ka garwa sing asak maklum
pageuh mageuhan kadali
lamun garwa pareng salah
wurukan ku budi manis
ulah di haok di sentak
bisi mangpaung risingis
pameget sing kukuh pengkuh
ulah dapon ngumbar biwir
sautak saeutik talak
bisi kaduhung di akhir
harempoy harum mangasay
leumpeuh dipeureuh kapeurih
Amiin ya robbal alamin
mugi gusti nangtayungan

 
Buka pintu

Embat embat ( istri)
Yaa Allah tobat ya robbi
eta tah saha diluar
bet ngetrokan bae panto
taya bemakaramana
henteu ridho henteu suka
naha andika teu mafhum
kapan kula teh rimbitan

kentar cisaat (pameget)
aduh enung teunteuingeun teuing
sing hawatos panto geura buka
engkang teh ngiring ka jero
kapan parantos tutuhu
dirapalan ku bapa naib
nyumponan ki siku wungrum
papagon agama islam
engkang teh caroge eulis
ulah hamham salempang

Sinom pangrawit
Istri
Karah teh panutan ati
sembaheun dunya akherat
nu mundut di buka panto
sumangga engkang sumangga
estu sukalillah pisan
nya hate balumbang timur
caang bulan opat belas
malah ti tadi ge abdi
parantos kesel ngantosan
hate asa di ganggayong
mung abdi gaduh paneda
lawang moal waka di buka
mugi nyumponan pamundut
tawis engkang mikacinta

pameget
gunung inten pupujaning ati
jimat engkang mas mirah berlian
mustikaning pandon kabeh
naon anu dipundut
pinggel kalung sumber mas picis
raksukan sareng sinjang
sumeja kahatur
bujeng bujeng harta banda
jiwa raga moal bade disisikudi
eulis anu kagungan

istri
teu kinten kabingahan
engkang miwelas ka abdi
taya dunya kinasihan
ti lahir dugi ka bathin
ananging panuhun abdi
sanes emas inten jambrut
mung hoyong kalinah kalih
syahadat heula


MC :
Rengse sawer sareng buka pintu, diteraskeun kana acara huap lingkung  ka ibu....(ibuna panganten istri) sareng ka ibu.....(ibuna panganten pameget), mangga dihaturanan nyandak sangu koneng hiji sewang, teras ngahuapan putra masing masing, disambung engke ku bapa .....(ramana panganten istri)sareng bapa.....(ramana panganten pameget), sakantenan, huap pamungkas tinu janten rama ka putra.
Mugi gusti du sipat rahman rahim ngslimpahkeun rahmat kurnia ka panganten, nu ayeuna bade ngicip ngicip rejeki gusti, huap anu wekasan sareng munggaran disebat huap wekasan, margi ngarupikeun huap pamungkas ti ibu rama, disebat huap munggaran margi ngarupikeun huap nu ngawitan ti panganten pameget ka panganten istri,sareng sawangsulna.
mangga ibu-ibu tipayun,teras disambung ku bapa-bapa, ramana
anaking pupujan ati, puputon kembang kedaton, ieu mamah jeung bapa mere huap pamungkas ti leuleutik hidep di jaring beurang peuting ku mamah jeung bapa, ayeuna mah geus sawawa, bral geulis kasep geura lugay macakal hirup mandiri, mamah jeung bapa sambung du`a sing panjang umur, cageur beuteung waras badan jauh balai parek rejeki, rahayu salamet dunya akherat, kadeudeuh kaheman mamah jeung bapa nganteng taya wates wangenna, lir gunung tanpa tutugan sagara tanpa muara najan pang jeyjeuh di heuleut ku papisah, rumah tangga



Pamungkas acara silih benyeng bakakak hayam sareng silih huapan.
bakakak parantos sayagi oge sangu koneng sakeupeul sewang

Benyeng
sagala tos sadia
panganten tuang daria
panggang hayam dipayunan
panganten tuang duaan
nyeng benyeng benyeng benyeng
saha nu tarik benyeng
panganten silih huapan
silih beulitkeun panangan
jina anu ayang ayangan
ayang ayang duaan
ayang ayang ayangan
bari eelengehan
ayang ayang ayangan
bari eelengehan.

MC :
Ibu bapa hadirin ikhwatulk iman rahimakumullah
Alhamdulillah acara ka acara rengse kalayan lancar teu kirang sawios wios, sambil ngantos panganten gentos raksukan supados salse urang lajengkeun bae tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan lebet ka cabe mah henteu, engke upami panganten tos saged deui urang sami sami para tamu sadaya boh ti pihak panganten istri atanapi pihak panganten pameget utamina uleman sadaya tatangga anu caket dihaturanan ngadugikeun pang wilujeng,  patepang dampal panangan, sareng neng.....(panganten istri) anu parantos jatukrami sareng cep....(panganten pameget), nu dipalar pidu`ana ti sadayana kukituna ngawakilan ti pihak kulawarga sim kuring ngahaturkeun timpah nuhun anu teu aya hinggana ku kersana ibu bapa ngaluuhan ieu acara nyumponan pangulem ti sahibul bait siang ieu, mugia bae sumpingna ibu bapa sadaya ka ieu tempat teh sing dijantenkeun ibadah anu ditampi ku Allah SWT, jazakumullahu khairan katsiraa wa tsawaban jaziilaa.
kalihna ti eta ngemut kana tuntunan agama kapan saurna ge Bewarakeun pertikahan aranjeun ka balarea sok sanajan ngan ukur siduru isuk, nu di palar pidu`ana ti sadayana.
Atuh ka panganten duaan, ka cep....(panganten pameget) sareng neng....(panganten istri) anu nuju nyeuseup maduna pertikahan, ngawakilan ibu rama hidep duaan, ngawakilan sepuh sepuh urang sareng sadaya kadang  wargi, mung ukur tiasa muntang ka Allah nu murbeng alam, mugia pernikahan aranjeun duaan dina nyorang kahirupan rumah tangga jaga teh sing aya dina ginanjar kawilujengan, sing janten rumah tangga anu sakinah, janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayibatun wa rabbun ghafuur.
Bawiraos heunte aya nu langkung pantes di dugikeun ka hidep duaan dina wangkid ieu iwal ti deudeul du`a mugia Allah SWT ngajantenkeun pernikahan aranjeun duaan teh pernikahan anu diraksa ku mantenna salalamina, Ya Allah ya rabbanaa, limpahkeun pirang pirang anugerah ka panganten ieu eusian sakuriling panganten ieu ku pirang pirang piwelas ti gusti. Hijikeun anu di tikahkeun ieu teh dina beungkeutan anu pageuh tur lana dugi ka jaga. Allahumma ya Allah mugi gusti henteu ngajantenkeun pisahna ieu pertikahan sareng henteu aya dina pirang pirang pacengkadan sareng mugi gusti nyumponana sagala kabutuh dua pihakanannana, kabutuh istrina kabutuh carogena kabutuh dunyana katut akheratna. Ya Allah ya Rabbana saestuna sadaya nyuhunkeun pitulung ka salira , pamugi ngalimpahkeun rasa deudeuh rasa asih ka dua pahakanannana, eusian rumah tanggana ku putra putra anu shaleh, putra istri sareng pameget raksa tur piara duananatina sagala rupi tipu daya gampilkeun duanana dina milari rizkina sareng mugia dijantenkeun kana golongan anu shaleh.
Allaahumma ya Allah abdi sadaya muntang ka salira tina kasalametan dunya katut di akheratna, sareng mugia tiasa syukuran ka salira tina sagala pirang pirang kani`matan, Ya Allah Ya rabbanaa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh sapertos ngahijina Nabi Adam sareng siti Hawa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh sapertos jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad SAW sareng siti Khadijah Al Qubra, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh sapertos ngahijina sahabat Ali Radiyallahu Anhu sareng siti Fatimah AZZahra.
Ya Rabbana mugi gusti maparin barakah ka anu ditikahkeun ieu sareng mugi gusti ngahijikeun ka anu ditikahkeun ieu dina kasaean.
Allaahumma bifadl lika `ummanaa, wa biluth fika huffanaa, waj`al haadzal `aqda `aqdaan mubaarakan ma`shuumaa, wa alif bainahumaa ulfatan, wa qaraaran daa-imaa, walaa taj `al bainahumaa furqatan, wa firaaran wajhusshuumaa wak fihimaa mu-natad dun-ya wal aakhirah.
Allahumma innaa nas-aluka an tulqya bainahumal mahabbata wal widaada wa antar za qahuman naslash shaaliha minal banaati wal aulaad hattaa turiyahumal asbatha wal ahfaad wa an tah fadhahunaa mim ibadikashshalihiin.
Allahumma inna nas alukal `afiyata wa dawaamal wa `aafiyah wasy syukra alaal `aafiyah.
Allahumma allif bainahumma kamaa allafa baina abiinaa aadama wa umminaa hawaa-a wa allif bainahumma kama allafata bainaa sayyidina Muhammad shalallahu alaihi wassallam wa sayyidatinaa khadijatal kubraa, wa allif bainahumma kamaa allafa baina sayyidinaa Alii wa sayyidatina Fatimatazzahra-i wa aliif bainahumma kamma allafa bainal maa-i wats tsalji.
Barakallahu laka wa baraka alaika wa jama`a bainakuma fii khair, washalallaahu `ala sayyidinaa Muhammad wa`alaa aalihi wa ash haa bihi wassallam.
Walhamdulillahi rabbil `alamiin
Amiin ya Allah ya rabbal `alaamiin
Amin yaa mujibash saa`illin
wassallamu`alaikum warahmatullahi wabarakatuh.


Sumber :  http://aswan67.blogspot.com/2013/02/runtuyan-acara-dina-walimah-nikah.html?m=1










Komentar

Postingan Populer